Nasab Kangjeng Nabi
Nasab ti
Jihat Rama:
Kangjeng Nabi
teh eta putra Sayyid Abdullah, Sayyid Abdullah putra Sayyid Abdul Muththolib
(jenengan aslina Syaibah), mantena putra Sayid Hasyim, mantena putra Sayid Abdi
Manaf, mantena putra Sayid Qushoy, mantena putra Sayid Kilab, Sayid Kilab putra
Sayid Murroh, Sayid Murroh putra Sayid Ka’ab, Sayid Ka’ab putra Sayid Lu-ay,
Sayid Lu-ay putra Sayid Gholib, Sayid Gholib putra Sayid Fihir, Sayid Fihir putra
Sayid Malik, Sayid Malik putra Sayid Nadlor, Sayid Nadlor putra Sayid Kinanah,
Sayid Kinanah putra Sayid Khuzaimah, Sayid Khuzaimah putra Sayid Mudrikah,
Sayid Mudrikah putra Sayid Ilyas, Sayid Ilyas putra Sayid Mudlor, Sayid Mudlor
putra Sayid Nizar, Sayid Nizar putra Sayid Ma’ad, Sayid Ma’ad putra Sayid
‘Adnan. Dugi kadieu rundayan Kangjeng Nabi anu wajib dikanyahokeun anu shoheh
perjalan riwayatna. Ari Sayid ‘Adnan eta
keturunan ti Nabi Isma’il a.s.
Nasab ti
Jihat Ibu:
Kangjeng Nabi
s.a.w. putra Siti Aminah, Siti Aminah Putri Sayid Wahab, Sayid Wahab putra
Sayid ‘Abdi Manaf, Sayid Abdi Manaf putra Sayid Zuhroh, Sayid Zuhroh putra
Sayid Kilab.
Nasab Kangjeng
ti jihat ibu sareng rama kempelna di Sayid Kilab teras ka luhur.
Taun Dipedalkeun Kangjeng Nabi S.A.W.
Dina waktos Siti
Aminah ngandeg ku Kangjeng, dina yuswa 2 sasih kakandungan, mantena dikantun
wafat kunu janten carogena Sayid Abdullah.
Dina yuswa 9
sasih numutkeun kaol anu masyhur mantena dihadiran ku dua istri ti surga nyaeta
Siti Asiah sareng Siti Maryam diiring ku sapirang-pirang widadari ti surga bade
ngarawatan mantena jalaran bade medalkeun kadeudeuh Allah Kangjeng Nabi
Muhammad s.a.w.
Kangjeng Nabi dipedalkeun
dina dinten senen ping 12 Rabiul Awwal taun 571 M. anu disebut tauh Gajah di kota Mekah. Seueur pisan
kaanehan dina waktos medal mantena, diantawisna jin syetan teu bisa deui ulin
ka langit dunya, seuneu sesembahan raja Persi parem harita keneh sareng
sajabina, eta teh totonden kana medalna nu jadi rohmat ka sakabeh alam.
Dina yuswa 25
tahun mantena nikah ka siti Khodijah binti Khuwailid janda kaya anu geulis tur
soleh.
Saparantos
Kangjeng Nabi nikah ka Siti Khodijah, teras bumen-bumen di nagri Mekah
al-Musyarrofah, istuning runtut raut, repeh rapih, luyu taya pisan pacekcokan,
sili asih sili ayunkeun kapalay estu matak lucu, ceuk paripaos tea mah ka cai
jadi saleuwi ka darat jadi salebak. Kangjeng sareng Siti Khodijah hanteu
saat-saat digayu ku hujan rohmat saparantos kagungan putra anu janten buah
manah aranjeuna duaan.
Pala
Putrana Kangjeng Nabi
Ari
putra-putrina Kangjeng Nabi eta aya 7:
- Sayid Qosim
- Sayid Abdullah anu katelah Thoyib sareng Thohir
- Sayid Ibrohim (putra ti Siti Mariyah Qibtiyah)
- Siti Zaenab
- Siti Rukoyah
- Siti Umi Kulsum
- Siti Fatimah.
Taun Diinstrenan Janten Nabi Sareng Rosul
Barang yuswa
kangjeng cekap pisan 40 taun, kaetang parantos 15 taun garwaan nana ka Siti
Khodijah, anjeuna dipaparin nugraha anu pohara ku Gusti Anu Maha Kawasa yaeta
anjeuna diturunan wahyu dipaparin pangkat Rosul kalawan
disumpingan malaikat Jibril a.s.
Saparantosna
anjeuna nampi wahyu, lajeng anjeuna ngajak-ngajak ka kaom-kaom nagara Mekah
kana agama anu hak kana ibadah ka Gusti Allah nyalira, tilar agama musyrik
sareng adat tobe’at anu keji. Kujalaran urang Mekah diharu diganggu agamana anu
ceuk maranehan nana mah agama bener, pohara ngabarontakna, pohara ngalawana
sahingga toh pati jiwa raga dina ngabela agamana, nangin sanaos urang nagara
Mekah pohara ngamusuhannana pohara ngahalangannana kana pangajakna kangjeng
Nabi, anjena henteu gedag kaanginan henteu unggut kalinuan, tetep tengtrem
anteng ngajak-ngajak kana agama anu hak kalawan manah anu pinuh ku kayakinan
sareng kasabaran dugika dhohirna agama hak katingali cahayana. Agama Islam
moncorong nyaangan ka sakuliah dunya. Pangajakna Kangjeng Nabi ka urang Mekah
disarengan kuningalikeun hujah anu pertela, katerangan-katerangan anu atra
sahingga seuseueurna urang Mekah sanaos lisana henteu kadugaeun ngaku kana
kabeneran nana Kangjeng Rosul, nanging hatena mah ngaku kana benerna Kangjeng
Rosulullah s.a.w. sarta rumasa kana kaapesan ngalawan hujah-hujahna.
Tina margi kitu
urang nagara Mekah anu dikapalaan ku Abu Jahal ngadamel riungan permufakatan
anu putusan nana bade ngawut-ngawut kana perjuangan Rosul, rek nyebarkeun
fitnah jeung sajabina, mung saperkawis anu dipikarisi ku kaom Musyrikin teh
nyaeta pamana Kangjeng Rosul “Abu Tholib” ramana Sayidina Ali, kaom musyrikin
nepikeun darongkap ka Abu Tholib nyuhunkeun Kangjeng Nabi, wireh teu ditebihan
ku Abu Tholib, saur Abu Tholib: “Lamun onta indungna masih nyaaheun ka anakna,
kaula moal bisa masrahkeun Muhammad ka aranjen”. Atuh kaom musyrikin teh luput
teu hasil maksudna.
Taun Di Isrokeun Sareng di Mi’rajkeun Kangjeng Nabi
s.a.w.
Barang dina
tengah-tengah sasih Syawal taun ka 10 tina jeneng mantena janten Rosul, Abu
Tholib pupus dina yuswa 87 taun, ku pupusna Abu Tholib kaum Musyrikin jijingklak
pada bungah margi laluasa ngaganggu ka Kangjeng Rosul s.a.w., sasih eta kenenh
pupus deui Siti Khodijah gerhana Kangjeng Nabi s.a.w. Jadi dina taun eta
parantos dua cocobi anu nimpah ka salirana Kangjeng nabi s.a.w. saurna taun ieu
dingaranan Taun Hazan hartosna taun kanalangsaan. Saparantos pupus Siti
Khodijah Kangjeng nikah ka Siti Saodah binti Jam’ah.
Saparantos pupus
Abu Tholib, pohara seueurna gangguan ti kaom Musyrikin, cariosan-cariosan anu
matak pikaijideun sareng tingkah-tingkah anu matak pikacuaeun anu ditampi ku
Rosulullah s.a.w. kalawan manah anu pinuh ku hilim sareng kasabaran.
Saparantosna
kengeng tilu sasih tina pupusna Siti Khodijah, teras angkat ka Thoif disarengan
ku Zaid bin Haritsah rehing di Thoif seueur wargi-wargi. Anjeuna kengeng
sasasih ngajak-ngajak urang Thif kana agama Islam, nanging urang Thoif langkung
kejem tibatan urang Mekkah, buktosna sajabi tinyarek teh dugika maledogan ku
batu kana sampeannana, tarumpahna dugika pinuh ku getih, mastaka Zaid bin
Haritsah dugika boborot getih jalaran ngajagi Kangjeng. Mulihna ti Thoif
kalintang prihatinna teras anjena ngadu’a ku du’a anu masyhur du’a Thoif nyaeta:
ٱللَّهُمَّ
إِلِيْكَ أَشْكُوْ
dugi kana :
وَلاَ
قُوَّةَ إِلاَّ بِكَ
Barang parantos ngadu’a
sumping para malaikat anu nyangking gunung teras unjukan, saurna: “Gusti upami
gusti ngawidian ayeuna urang nagara Mekkah bade ditinggang ku dua gunung”.
Timbalan Kangjeng: “Entong!, mudah-mudahan Gusti Allah ngaluarkeun tina iga
urang Mekah jalma anu ibadah ka Gusti Allah”.
Ari anu pang bencina ka
Rasulullah s.a.w. sareng pang seueurna nganyenyerina nyaeta :
- Abu Lahab bin Abdul Muththolib (paman Kangjeng)
- Abu Jahal bin Hisyam alias Abul Hakam.
- Adi bin Hisyam (dulur Abu Jahal)
- Wuled bin Atabah
- Abul-Buhtari
- Atabah bin Rubai’ah
- Syaibah bin Rubai’ah.
Barang dina wengi senen
kaping 27 Rajab taun ka 11 tina jeneng Rasul. Kangjeng Rasulullah s.a.w.
diselir ku Gusti Anu Maha Kawasa angkat ka baitul Muqaddas tunggang Burok
disarengan ku malaikat Jibril sareng para malikat anu sanesna (anu disebat Isro
tea). Ti Baetul Moqaddas teras angkat ka langit anu tujuh dina taraje ti surga,
ti dinya teras ka Sidratul Muntaha, ka Mustawan, ka ‘Arasy dongkap kahiji
tempat anu tara kasorang ku bangsa jin sareng
manusa, malih tara kasaba sanajan ku malaikat
Muqorrobin. Didinya anjena nampi timbalan tinu Maha Suci sareng didinya anjena
dipaparin pangkat anu agung nyaeta pangkat Habibullah. (tah ieu anu
disebut Mi’raj tea).
Wengi eta keneh anjena mulih
deui ka nagri Mekah al-Musyarrofah. Dina enjingna ku anjena diuningakeun ka
kaom Mekkah yen wengi tadi anjena angkat ka Baetul Muqaddas.
Ceuk Kaom Mekah: “Muhammad
anjen ayeuna asa beuki rahul, nyarita teh anu lain-lain?, tapi cing caritakeun
kaayaan Masjid Baetul Muqaddas, jeung palebah mana anjeun papanggih jeung
ontan-ontan urang Mekah anu baralik dagan ti Syam, jeung iraha kira-kira
pidatangeun nana?”.
Tidinya teras ku Kangjeng
Nabi dicarioskeun sifatna masjid Baetul Muqaddas sareng ontan-ontan anu
kapendak waktos mulih sareng dinten pidongkapeun nana, sakumaha cariosan
Kangjeng Nabi henteu aya anu mencog saeutik-eutik acan.
Ari saparantosna bukti
bebeneran nana kangjeng Nabi, batan percaya mah kalah nuding sihir.
Pependakan
Dina Waktos Isro Sareng Mi’raj
Dina waktos Isro sareng
Mi’raj aya sababaraha kajadian anu kapendak ku kangjeng Nabi s.a.w. nyaeta:
Dina Waktos Isro
1.
Mantena dicandak ku Malaikat Jibril sareng Mikail ka
sumur zamzam, teras dibelek dadana disampurnakeun kahiliman, kaimanan,
kaislaman sareng kayakinannana, dilaan sifat-sifat anu matak ngurangan kana
pangkat kanabian sareng karasulan nana.
2.
Ditunggangkeun kana Burok, nyaeta tutunggangan anu bodas
ti surga, anu jangkungna saluhureun himar sahandapeun bigal, anu ngagaduhan
jang-jang dina dua pahana, anu tarikna tarik alabatan kilat salengkahna
satungtung deuleu, dimana manggihan mudun suku hareup ngajangkungan jeung
dimana manggih nanjak suku tukangna anu ngajangkungan.
3.
Dipiwarang netepan di sababaraha tempat, anu maksadna
tabarruk (ngalap berkah kana patilasan jalmi-jalmi anu soleh), nyaeta:
- di Toyibah, nu katelah madinah al-Munawwaroh anu bahan pinagaraeun mantena sareng ka dinya mantena hijrah (ngalih).
- di Madyan, nyaeta di caket tangkal kai patilasan lelesonna Nabi Musa a.s. tina dibeberik ku Firaun sabalad-balad.
- di Turisina, nyaeta patilasan Nabi Musa munajat ka Gusti Allah dugika dibukakeun hijab sifat kalam Allah ka mantena.
- di Baet Lehem, nyaeta tempat patilasan dipedalkeun nana kangjeng Nabi ‘Isa a.s.
4.
Papendak jeung Ifrit, nyaeta jurig anu ngudag-ngudag ka
Kangjeng Nabi, tapi ku Nabi teu diwaro, malah di du’akeun sina binasa. Anu
du’ana nyaeta:
أَعُوْذُ بِوَجْهِ ٱللهِ الْكَرِيْمِ
وَبِكَلِمَاتِ ٱللهِ التَّامَّاتِ الَّتِي لاَيُجَاوِزُهُنَّ بَرٌّ وَلاَفَاجِرٌ
مِنْ شَرِّمَا يَنْزِلُ مِنَ السَّمَآءِ وَمِنْ شَرِّمَا يَعْرُجُ فِيْهَا وَمِنْ
شَرِّمَا ذَرَأَ فىِ الْأَرْضِ وَمِن شَرِّمَا يَخْرُجُ مِنْهَا وَمِنْ فِتَنِ
اللَّيْلِ وَالنَّهَارِ وَمِنْ طَوَارِقِ اللَّيْلِ وَالنَّهَارِ إِلاَّطَارِقًا
يَطْرُقُ بِخَيْرٍ يَارَحْمَنُ
5.
Papendak sareng kaom anu tandur harita keneh panen oge
harita keneh, nyaeta gambaran ganjaran umat Kangjeng anu jihad fi sabilillah.
6.
Papendak sareng seungitna Siti Masyitoh, nyeta hiji istri
anu jajim dina kayakinannana.
7.
Papendak sareng kaom anu ditinggangan sirahna ku batu,
nyaeta siksaan jalma-jalma anu berat embung ngalakonan shalat anu lima waktu.
8.
Papendak sareng kaom anu dibincang tiharep ti tukang bari didiring-giring kana
cucuk sina ngadalahar kai zaqum anu pait kacida, nyaeta siksaan jalma-jalma anu
tara nyumponan zakat.
9.
Papendak jeung kaom anu ngadalaharan daging atah bari
sing jarerit bakating ku nyerina siksaan, nyaeta siksaan jalma-jalma anu sok
zina.
10.
Mendakan rungkang anu ngahalangan jalan anu ngaruksak ka
saha bae anu ngaliwat, nyaeta siksaan ka jalma-jalma anu sok ngalang-halang
jalma anu rek ibadah.
11.
Mendakan anu kokojayan dina naraka bari dibaledogan ku batu naraka, nyaeta siksaan
ka jalma-jalma anu ngadalahar barang riba.
12.
Mendakan anu ngagunduk-gunduk suluh pangguleun tapi teu
kabawaeun malah ditambahan deui, nyaeta siksaan ka jalma-jalma anu teu
ngalakonan amanat.
13.
Mendakan anu digaruntingan letahna, nyaeta jalma-jalma
anu sok nguar-ngaer fitnah.
14.
Mendakan jalam-jalma anu nyalakaran beungeut jeung
awakna, nyaeta siksaan ka jalma-jalma anu sok ngomongkeun batur jeung
ngadu-ngadu.
15.
Mendakan sapi gede bijil tina liang leutik hayang asup
deui tapi teu bisa, nyaeta gambaran siksaan jalma anu tisoledat letahna teu
bisa ngomean deui kana kasalahannana.
16.
Mendakan anu gegeroan ti belah katuhu tapi ku Nabi teu
ditolih, nyaeta pangajakna urang Yahudi.
17.
Mendakan anu gegeroan ti belah kenca tapi ku Nabi teu
ditolih deui bae, nyaeta pangajakna urang Nasrani.
18.
Mendakan nini-nini ginding reunceum ku papaes, nyaeta
gambaran dunya.
19.
Mendakan aki-aki anu tawehwoh ngahalang-halang hayang
diwaro, ngan ku Nabi teu dipalire, nyaeta Iblis la’natullah.
20.
Mendakan nini-nini peot kacida, nyaeta gambaran umur dunya.
21.
Dugi ka Baetul Muqaddas. Didinya mantena netepan
berjamaan sareng sadaya arwahna para Nabi katut para malaikat. Teras sasarengan
maos Tahmid ka Gusti Allah, mantena maos:
الحَمْدُللهِ الَّذِيْ اَرْسَلَنِيْ رَحْمَةً
لِلْعَالَمِيْنَ وَكَافَّةً لِلنَّاسِ بَشِيْرًا وَنَذِيْرًا وَأَنْزَلَ عَلَيَّ
الْقُرْآَنَ فِيْهِ تِبْيَانٌ لِكُلِّ شَيِْئٍ وَجَعَلَ أُمَّتِيْ خَيْرَ أُمَّةٍ
اُخْرِجَتْ لِلنَّاسِ وَجَعَلَ أُمَّتِيْ وَسَطًا وَجَعَلَ أًُمَّتِيْ هُمُ
الْاَوَّلُوْنَ وَالآَخِرُوْنَ وَشَرَحَ لِيْ صَدْرِيْ وَوَضَعَ عَنِّى وِزْرِىْ
وَرَفَعَ لِى ذِكْرِى وَجَعَلَنِى فَاتِحًا وَخَاتِمًا
Dina Waktos Mi’raj
1.
Naek ka langit kahiji, nyaeta langit anu didamel tina
perak bodas, di dinya papendak sareng Nabi Adam a.s.
2.
Naek ka langit kadua, di dinya mantena tepang sareng Nabi
‘Isa bin Maryam a.s. sareng Nabi Yahya a.s.
3.
Naek ka langit katilu, di dinya mantena tepang sareng
Nabi Yusuf a.s.
4.
Naek ka langit kaopat, di dinya mantena tepang sareng
Nabi Idris a.s.
5.
Naek ka langit kalima, di dinya mantena tepang sareng
Nabi Harun a.s.
6.
Naek ka langit kagenep, di dinya mantena tepang sareng
Nabi Musa a.s.
7.
Naek ka langit katujuh, di dinya mantena tepang sareng
Nabi Ibrohim a.s.
8.
Nampi oleh-oleh ti Nabi Ibrohim, nyaeta mantena
miwarangan ka Kangjeng Nabi supados marentah ka umatna nyeueurkeun tataneman
surga, nyaeta:
سُبْحَانَ ٱللهِ وَالْحَمْدُ ِللهِ وَلآَإِلٰهَ
إِلاَّ ٱللهُ وَٱللهُ أَكْبَرُ وَلاَحَوْلَ وَلاَ قُوَّةَ إِلاَّ بِٱللهِ
الْعَلِيِّ الْعَظِيْمِ
9.
Teras naek dugika sidrotul muntaha, dugi ka nguping kana
geretannana sora kalam anu nyatetkeun sakabeh kajadian makhluk tiwit didamel
dugika Qiyamah.
10.
Dugi ka maqom mukafahah, nyaeta tempat jongok sareng
Gusti Allah, mantena tiasa ningal kalawan paningalna anu dhahir tina hadlroh
kapangeranan.
11.
Nampi timbalan ti Allah s.w.t. kafardluan shalat 50 kali
sadinten sawengi anu janten lima
kali sadinten sawengina.
Sapalihna
Budi Pekerti Kangjeng Nabi
Kabuktosan Kangjeng Nabi teh
eta anu banget isinna ku Gusti Alloh, banget handap asorna hormat kasaluhureun
ngahargaan kasasama, nyaah kasahandapeun, nyakitu deui mantenna mah henteu
gumede pedah pangkat luhur. Mantena sok
kersaan ngesol tarumpahna kunyalira, nyakitu deui ngaputan raksukan ku nyalira,
tara miwarang kabatur atawa ngantosan aya anu pang ngaputkeun sanaos
kabojona, mۤerۤes
ۤembe
ku nyalira, cakah-cikih dina ngaladen nu janten kulawargana. Mantena banget
cinta ka fakir jeung miskin teu isin masamoan sareng maranehna, teu liren
ngalayad anu teudamag, mulasara anu ngantunkeun, tara
pisan ngahinakeun ka jalma anu lemah jeung kokoro. Mantena sok nampi kanu
nyuhunkeun dihapunten, tara mulang sengit
sanajan dipikasengit ku batur, mun mapah kalintang rantah rintih pinuh ku sifat
kahambaan. Mantena teu inggis ku raja, istuning bengisna teh karena Allah,
sareng ridlo kanu dipikaridlo ku Gusti Allah. Upami angkat-angkatan sareng
sahabat, mantena mah sok dipengkereun nana malah dawuhna: “kosongkeun tukangeun
kami keur para malaikat ruhaniyah”. Nunggang tutunggangan teu pilih bulu, bade
kuda, bade bigal, bade himar ge sami bae kumaha dipasihan nana bae. Salamina
patuangannana diganjel ku batu tina bakating lapar anu ditahan padahal mantena
dipasihan koncina gudang eusina bumi, sahingga gunung-gunung pada nawisan
janten emas kanggo mantena. Rasulullah s.a.w. kalintang pisan nyakedikeun guyon
catur, salamina uluk salam kasaha bae anu tepang, dina netepanna anteng sareng
lami, singkat pisan dina khutbahna namung patri, mantena sok miheman ka ahli
kamulyaan, ngamulyakeun ka ahli kautamian, salamina campur sareng marantena,
sareng tara cumarios anging anu hak sareng
bener anu dipikaasih ku Gusti Allah s.w.t.
Wallahu ‘Alam bissawab
Disarikan oleh Iwan Rozie